Bawa Kalem Weh

歌手: Asep Balon Lain Koplo • 专辑:Bawa Kalem Weh • 发布时间:2020-04-23
作词 : Asep Balon
作曲 : Asep Balon
Tengah peuting beuteung aing kukurubukan
Muka kulkas ngan aya cengek nu geus bulukan
Indit ka dapur manggih endog gugulutukan
Eh pas muka mejikom ajig euweuh sanguan
Lalu aing nyo'o hp bari mamake boxer
Atoh aya notip apekteh berita UC browser
Ngechat awewe tara dibales jangar kana sirah
Dibaca we hungkul samarukna jadwal imsakiyah
Tong stress loba cicilan, tenang weh tong dipikiran
Hirup teh kudu militan, rada iritan, ulah nyinyiran
Kudu tetep seuri ulah dilobakeun ngalamun
Bahagia kita yang nyiptain, bukan zulham zamrun!

Walau nyeri, kudu seuri
Bawa kalem weh

Bawa kalem weh
Bawa kalem weh
Bawa kalem weh
Hirup mah bawa kalem weh

Kalem weh da hirup mah, moal tuluy ngeunah
Kadang di luhur kadang kaos kaki leungit sabeulah
Hiji waktu loba duit bagja asa aing gagah
Isukna euweuh kuota nyungkeun tetring ka si mamah
Kadang hirup mah emang, teterusan nyieun bangkar
Meuli nasgor kurupukna, poho teu didahar
Meser royco kabaseuhan hese muruluk
Ninyuh midog caina kadon mudal ngabulukbuk
Hirup mah bawa komedi weh montong jadi beban
Enya ge dompet ipis euweuh keur mayar sametan
Duit ATM teu bisa dibawa da kurang ceban
Enjoykeun weh mening ge neang dahar di uleman

Bawa kalem weh
Bawa kalem weh
Bawa kalem weh
Hirup mah bawa kalem weh
📥 下载LRC歌词 📄 下载TXT歌词

支持卡拉OK同步显示,可用记事本编辑